Neng Dila Panceg Nanjerkeun Ki Sunda

                                         




PROFIL BIOGRAFI NENG DILA MOJANG BANDUNG

    Neng Dila Mojang Bandung ngagaduhan nami lengkep Fadila Nur Asifah, salahsawios putra asli Bandung. Anjeunna dibabarkeun di Kota Bandung, kaping 16 Oktober 1998. Getih seni anu ngalir dina diri Neng Dila mangrupikeun warisan genetis ti sepuhna, nyaéta Iwan Mulyana sareng  Rini, anu asal turunan bakat senina ti Panjalu sareng Bali.

Lingkungan kulawargana janten pondasi anu kuat dina ngabentuk karakter Neng Dila janten salahsawios penembang tembang sunda cianjuran anu multi-talenta. Anjeunna neuleuman rupa-rupa widang seni, di antawisna vokal pupuh, tembang sunda cianjuran, kawih, degung, calung, tarling, kepesindenan, ogé widang seni budaya sanés sapertos sajak, sastra, sareng seni peran. Salian ti eta Neng Dila sok janten pangjajap acara, ngagaduhan hobi ngedit audio sareng video visual. 

    Ti alit, Neng Dila parantos resep nyanyi ti yuswa 5 taun, malahan janten perhatian ramana nalika anjeunna sok ngahaleuang di jamban. Ti dinya, bakatna mimiti dibibita ku sepuhna dugi ka Neng Dila ngulik langkung jero kana haleuang Tembang Sunda Cianjuran.

    Rama Neng Dila, Kang Iwan Mulyana, mangrupikeun salahsawios seniman Sunda anu mahér maén suling, anu kantos ngalanglang ka mancanagara babarengan sareng Jugala “Lingkung Seni Dewi Pramanik” nu disesepuhan ku pangersana Bapak Gugum Gumbira sareng Ibu Euis Komariah. Atikan sareng pangaping ti ramana janten pituduh utama dina lalampahan karir seni Neng Dila dugi ka ayeuna.

    Pangalaman pangheulana anu kacida berkesanna nyaéta nalika Neng Dila mimiti midang di RRI Bandung. Dina waktos éta, anjeunna ngadadak dipenta nembang 2 lagu, nyaéta “Udan Mas” sareng panambih “Selabintana”, anu saenyana lagu éta kaasup sesah. Nanging, ku widi ti Gusti, meunang sambutan luar biasa ti panongton. Malahan seueur anu maju ka panggung bade nyawer, sareng Neng Dila ngalaman kajadian lucu: saweran nu katarima disimpen kana saku calana bari anjeunna teras nyanyi. Artos saweran anu kakumpul waktos éta ngahontal Rp400.000, rupina janten pangalaman anu berkesan aknggo Neng Dila.

    Dina lalampahan seni, Neng Dila kantos diajar tembang ku sababaraha tokoh Cianjuran, kalebet salahsawios maestro Tembang Sunda Cianjuran nyaéta Alm. Ibu Euis Komariah. Neng Dila kantos diajar tembang ka Teh Neneng Fitri, Bapak Heri Suheryanto, Ibu Neneng Dinar, Bapak Tatang Suganda, Ibu Rina Usman.

    Dugi ka ayeuna, Neng Dila teras ngajaga sumanget pikeun berkarya, kalebet gaduh kahayang pikeun ngalereskeun album degung sareng tembang anu teu acan rengse, sareng teras nanjeurkeun budaya Sunda dina kancah nasional malahan internasional. Anjeunna sadar yén sagala prestasi anu kahontal sanés hasil sorangan, tapi ku pangrojong, atikan, sareng do’a ti sepuh anu satia ngaping dina unggal perkembangan hirupna.

    Danget ieu, Neng Dila berkarir damel janten Guru di SMA Pasundan 2 Bandung, bari tetep aktip berkesenian di Lingkung Seni Simpay Paguyuban Pasundan, Lembaga Budaya Sunda UNPAS, ogé mindeng ngabantos kagiatan perkuliahan salaku asisten dosen di UNPAS. Salian ti éta, Neng Dila ogé majengkeun sanggar kagungan ramana, ngayakeun private vokal, sarta ngelola produksi musik milik nyalira.



PRESTASI JEUNG PANGALAMAN SENI

Prestasi Neng Dila parantos dimimitian ti budak kénéh, sareng terus nambahan dugi ka dewasa. Di antawisna:

Prestasi Ti Mimiti Budak

  • Juara 1 MTQ Nurul Huda (TK) – 2005

  • Juara 1 Pupuh Tingkat SD Se-Kota Bandung – 7 Maret 2009

  • Juara 3 Pupuh Tingkat SD Se-Jawa Barat – 16 Agustus 2009

Karya Rekaman sareng Pagelaran

  • Album Tembang Sunda Cianjuran “Lembur Kuring” kerja sama Panama Record – 2010

  • Pagelaran Baranang Bentang Ipukan – Bale Rumawat Padjadjaran UNPAD – 28 April 2010

  • Album Degung Gentra Pakuwon – 20 Maret 2013

  • Album Degung 2013

  • Album Pop Sunda “Cinta Kilat”2016

  • Album Pop Sunda Volume 2 – 2021

  • Rilis Single Pop Rock – Januari 2024

Prestasi Pasanggiri Seni

  • Juara 1 Pasanggiri Panambih Tembang Sunda Se-Jawa Barat (Umum) – Garut 2011 (24-25 September 2011 SE-JAWA BARAT tingkat UMUM di Pendopo Kabupaten Garut. PAGUYUBAN NONOMAN SUNDA GARUT)

  • Beasiswa Pendidikan SMP Pasundan 1 (prestasi seni) – 2011 - 2016 SMA Pasundan 1 Bandung

  • Pewaris Seni Kepesindenan Lagam “Ibu Euis Komariah” – ISBI Bandung 7 Oktober 2011

  • JUARA HARAPAN 3 KALIGRAFI KREASI LOMBA ANAK – ANAK KOTA BANDUNG 27  NOVEMBER 2011
  • PASANGGIRI KAWIH SUNDA TINGKAT JAWA BARAT SMP 12-15 Oktober 2011 di RRI BANDUNG
  • PREDIKAT SILVER LOMBA PADUAN ANGKLUNG KATEGORI SMP FESTIVAL PADUAN ANGKLUNG XIII AULA BARAT ITB 7-11 November 2011
  • Juara 1 Pupuh SMP Se-Kota Bandung – 8 Mei 2012 di smp negeri 3 Bandung

  • Juara 1 Pupuh SMP Se-Jawa Barat – 18-21 Juni 2012 Hotel Ciloto Indah Permai

  • Juara 1 Kawih Murangkalih SMP – 18-20 Desember 2013 di yayasan pusat kebudayaan

  • Juara 1 Tembang Sunda Cianjuran Piala Ida Widawati – 12 November 2013 di ISBI Bandung

  •  JUARA 1 PUISI PERINGATAN MAULID NABI MUHAMMAD SAW 1434 H 17 februari 2013 Buah batu bandung

  • JUARA HARAPAN 1 TINGKAT SMP LOMBA MUSIK ANGKLUNG PADAENG VIII TINGKAT NASIONAL 9-11 MEI 2014 UPI

  • VOKALIS TERBAIK TINGKAT SMP LOMBA MUSIK ANGKLUNG PADAENG VIII TINGKAT NASIONAL, KABUMI UPI 9- 11 MEI 2014 

  • Juara II Pasanggiri Degung Kota Bandung (Umum) – 8 Juni 2015 DISBUDPAR dan Pusat Olah Tari dan karawitan Setialuyu di Padepokan Mayang Sunda

  • Juara 1 Juru Kawih Degung Kota Bandung – 8 Juni 2015 Padepokan Mayang Sunda TINGKAT SMA DISPARBUD JABAR 

  • - PENYAJI TERBAIK KONTINGEN JAWA BARAT FESTIVAL MUSIK TRADISI REMAJA NASIONAL KOTA TUA JAKARTA BARAT
  • Juara 1 Pupuh Awewe SMA Se-Jawa Barat – UPI 2015  18-21 FEBRUARI 2015 UPI Riksa Budaya Sunda

  • Juara 1 Nyanyi Sunda Kompetisi Budaya Sunda Se-Jawa Barat – RRI Bandung 2015 FESTIVAL BUDAYA SUNDA 15 JUNI 2015

  • 50 PESERTA TERBAIK ACARA SUPER YOU C-GENERATION INDONESIA 28 JUNI 2015
  • JUARA III KATEGORI REMAJA LOMBA PRESENTER BAHASA SUNDA (WIRACARITA BASA SUNDA 2015) DISPARBUD JABAR 21 FEBRUARI 2015
  • JUARA 1 PASANGGIRI DEGUNG SE-KOTA BANDUNG TINGKAT SMA 25 DESEMBER 2015
  • JUARA 1 LOMBA PUPUH SE-KOTA BANDUNG PASANGGIRI BAHASA DAN SASTRA SUNDA 10 MEI 2016 DISDIK KOTA BANDUNG
  • Juara II Pupuh SMA Se-Jawa Barat – 31 Agustus 2016

  • Juara Harapan III Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran Damas XXI – 2016  DISPARBUD JABAR 10-13 Oktober 2016 di GEDUNG SABILULUNGAN KAB.BANDUNG

  • PENYANYI TERBAIK PARADE LAGU DAERAH TINGKAT NASIONAL KE 33 Gita Permata Nusantara di SASONO LANGEN BUDOYO TMII 10 DESEMBER 2016

  • Juara 3 Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran Damas XXII – 2019

  • Penyanyi Terpilih & Unggulan Parade Lagu Daerah Nasional ke-37 TMII – 10 Desember 2023 " Cinta budaya daerah"

  • Juara Umum Parade Lagu Daerah Nasional ke-37 TMII – 10 Desember 2023

Pangalaman Nasional sareng Internasional

  • Duta Seni Pelajar (DIY Yogyakarta) – 10-13 Juli 2012 DISPARBUD PROVINSI JAWA BARAT

  • Duta Seni Pelajar se jawa bali dan lampung (Lampung) – 9-12 Juni 2014

  • Stage Performance Konferensi Asia Afrika (Kemenlu RI) – Museum KAA 18-24 April 2014

  • TALEI Indonesia – Suva Fiji (KBRI Suva) – 4-5 Desember 2015

  • Original Rekor Indonesia Award " Duta Ori Rekor Seni dan Budaya Pelantikan Duta ori Indonesia Periode 2017 s/d 2020 Mensosialisasikan seni dan budaya indonesia 4 juni 2017

  • Certificate of Appreciation “The Sweet Sounds of West Java” – Singapore 4 Februari 2019

  • Sundanese Cultural Artist seniman sunda – Bosnia & Herzegovina (dari KBRI Sarajevo) – 12 Oktober 2024  " Arts Sounds and movement of Archipelago performance activity held at Bosanski Kulturni Centar 

  • Certificate of Apreciation sundanese artist " Arts Sounds and movement of Archipelago performance activity held at Bosanski Kulturni Centar 12 Oktober 2024 (Kampus SARAJEVO dan IO )

Karir Media sareng Profesional

  • COVER MAJALAH SIKAP “Panceug Nanjeurkeun Budata Warisan Ki Sunda” di SUMEDANG 2012

  • PENEMBANG PENDUKUNG RESITAL GELOMBANG 1 JURUSAN KARAWITAN ISBI BANDUNG 31 MEI – 1 JUNI 2012 di Sunan Ambu Isbi Bandung

  • PENGISI ACARA PADA SIARAN TEMBANG SUNDA PROGRAM BUDAYA RRI BANDUNG 09 DESEMBER 2013

  • STAGE PERFORMANCE KEGIATAN PERINGATAN 59 TAHUN KONPERENSI ASIA AFRIKA KEMENTERIAN LUAR NEGERI REPUBLIK INDONESIA DIREKTORIAT JENDERAL INFORMASI DAN DIPLOMASI PUBLIK MUSEUM KONPERENSI ASIA AFRIKA 18- 24 april 2014

  • COVER MAJALAH SEKOLAH JUARA “Duta Seni Tradisi” 17 juli 2016

  • LAYANG PANGAJEN MEMPERINGATI HARI RD. DEWI SARTIKA atas prestasi prestasi widang tarik suara kaum ajen inajen sareng harkat darajat kaum wanoja 6 desember 2016

  • DUTA ORIGINAL REKOR INDONESIA 03 FEBRUARI 2017 Program Bhakti Sosial Pengecekan Kolesterol dan Gula Darah di 151 Kelurahan Se-Kota Bandung

  • Original Rekor Indonesia Award Penyelenggara Pendukung Gerakan Sabilulungan 10 ribu sapu lidi dalam rangka menjelang hari jadi kabupaten bandung dan ultah kel. besar KSBI dengan program sagala herang jabar berseka ( Jawa Barat Bersih, Sehat Karasa ku Balarea ) yang dimeriahkan oleh parade budaya sunda, seniman dan budayawan serta pasar tradisional, ngabakti keur ngawangun negri 8 maret 2017

  • Original Rekor Indonesia Award sebagai penyelenggara pendukung parade seni budaya oleh perempuan serta pesan inspiratif perempuan sepanjang 113 meter dan mannaquin chellenge love NKRI yang diikuti oleh 2000 perempuan dalam acara inspiratif perempuan Indonesia 11 Maret 2017

  • Original Rekor Indonesia Award " Duta Ori Rekor Seni dan Budaya Pelantikan Duta ori Indonesia Periode 2017 s/d 2020 Mensosialisasikan seni dan budaya indonesia 4 juni 2017

  • Original Rekor Indonesia Award " Duta ori Kolaborasi seni spirit asia - afrika dengan bentuk suara musik air bening dan kaca yang menjadikan sebuah energi untuk di aplikasikan dalam sebuah lukisan dari 60 warna cat di media kanvas berukuran 400cm x 150cm selama 30 menit di gedung asia afrika ( gedung merdeka ) 8 April 2017

  • Peserta acara talkshow gelar karya paguyuban pamirig tembang sunda, dalam rangka milangkala ke-3 PPTS JABAR dengan tema Tembang Sunda di era millenial 25 November 2019 di Bandung Creative Hub

  • Pengisi Acara TVRI Jabar Program Kandaga Seni Budaya program tembang sunda cianjuran (Panumbu Catur/ MC) – 2016 s/d 2023

  • Pembawa Acara & Koordinator AKTV Cimahi – 2022

  • Narasumber Literasi Digital Tasikmalaya Bertema Digitalisasi Bagi Kader Posyandu (PT Avantgarde Production) – 2 Agustus 2022

  • Juri Pendampingan ADEM 2023 – Disdik Provinsi Jawa Barat di Bogor

  • Guru Pamong Mahasiswa UPI – 12 November 2024 2025

PANGAJEN JEUNG CITA-CITA

Neng Dila gaduh cita-cita pikeun teras ngajaga sareng ngamekarkeun seni budaya Sunda ku jalan berkarya, ngahasilkeun album, sareng terus midang dina acara nasional malahan internasional. Anjeunna yakin seni tradisi kedah terus hirup sarta tiasa dipikaresep ku generasi ayeuna.





Komentar