Neng Dila Panceg Nanjerkeun Ki Sunda
PROFIL BIOGRAFI NENG DILA MOJANG BANDUNG Neng Dila Mojang Bandung ngagaduhan nami lengkep Fadila Nur Asifah , salahsawios putra asli Bandung. Anjeunna dibabarkeun di Kota Bandung , kaping 16 Oktober 1998 . Getih seni anu ngalir dina diri Neng Dila mangrupikeun warisan genetis ti sepuhna, nyaéta Iwan Mulyana sareng Rini , anu asal turunan bakat senina ti Panjalu sareng Bali . Lingkungan kulawargana janten pondasi anu kuat dina ngabentuk karakter Neng Dila janten salahsawios penembang tembang sunda cianjuran anu multi-talenta. Anjeunna neuleuman rupa-rupa widang seni, di antawisna vokal pupuh, tembang sunda cianjuran, kawih, degung, calung, tarling, kepesindenan , ogé widang seni budaya sanés sapertos sajak, sastra, sareng seni peran. Salian ti eta Neng Dila sok janten pangjajap acara, ngagaduha...